:

1 Babad 18

1

Hiji mangsa Raja Daud merangan deui urang Pelisti. Urang Pelisti ditalukkeun. Kota Gat jeung desa-desa sakurilingna ku anjeunna dijabel.

2

Urang Moab oge ku anjeunna dielehkeun jadi bawahanana sarta kudu mayar upeti.

3

Sanggeus eta anjeunna ngelehkeun Raja Hadad Eser ti Soba, hiji nagara di tanah Siria deukeut wewengkon Hamat, lantaran Hadad Eser rek ngarebut wewengkon Eprat Girang.

4

Daud ngarebut sarebu kareta, tujuh rebu nu tarumpak kuda jeung dua puluh rebu prajurit badarat. Ari kudana dirampas sacukupna pikeun narik saratus kareta, sesana kabeh dibajegan sukuna.

5

Urang Siria ti Damsik ngirimkeun bala bantuan rek nulungan ka Raja Hadad Eser, tapi eta oge dielehkeun sarta baladna anu tiwas ku anjeunna aya dua puluh dua rebu urang.

6

Daud nempatkeun pos-pos tentara di wewengkon maranehna, sarta maranehna jadi tatalukan anjeunna, dikeunaan upeti. Di mana-mana Daud ku PANGERAN dikersakeun unggul bae.

7

Daud ngarampas kepeng-kepeng emas anu diparake ku gegeden-gegeden Hadad Eser, dicandak ka Yerusalem.

8

Ti Tibhat jeung Kun, nya eta dua nagara anu dirajaan ku Hadad Eser, anjeunna nyandak tambaga loba pisan. (Eta tambaga keur jaman Raja Suleman engke dijieun tatalagaan tambaga, pilar-pilar jeung paparabotan tambaga pikeun kaperluan Bait Allah.)

9

Perkara elehna Hadad Eser sabaladna kadangu ku Raja Toi ti nagara Hamat.

10

Eta raja ngutus Yoram putrana ngintun salam ka Daud, ngawilujengkeun ka anjeunna geus iasa ngelehkeun Hadad Eser, sabab Hadad Eser sering pisan merangan ka anjeunna. Sajaba ti kitu Yoram nyanggakeun kikintun, barang-barang tina emas, perak jeung tambaga.

11

Eta barang-barang ku Raja Daud disucikeun paranti babakti ka PANGERAN, dihijikeun jeung emas perak beunang ngajabel ti bangsa-bangsa anu dielehkeun ku anjeunna, nya eta ti Edom, Moab, Amon, Pelisti jeung Amalek.

12

Abisai putra ibu Seruya ngelehkeun urang Edom di Lebak Uyah, maehan dalapan belas rebu serdadu,

13

jeung di sakuliah Edom anjeunna nempatkeun pangjagaan-pangjagaan, sarta urang Edom dijadikeun patalukan Raja Daud. Di mana-mana Daud ku PANGERAN didamel unggul.

14

Daud ngereh sakuliah tanah Israil, sarta anjeunna ngajagi pisan supaya iasa adil palamarta ka rahayat.

15

Nu jadi panglima perangna nya eta Yoab saderek Abisai. Nu jadi papatihna Yosapat bin Ahilud.

16

Imam-imamna Sadok bin Ahitub jeung Ahimelek bin Abyatar. Paniterana Seraya.

17

Kapetenganana Benaya bin Yoyada. Ari putra-putra Daud mareunang kalungguhan anu utama, ngabantu ka anjeunna.

Link: